Jumat, 06 April 2012

Ciri-ciri Orang Yang Sudah Baligh

Assalamu'alikum wr.wb
Dalam bab ini saya akan menjelaskan ciri2 orang yang sudah baligh(wajib melaksanakan shalat) bagi laki-laki dan perempuan dalam hukum islam, mungkin diantara kalian ada yang sudah mengetahui dan ada juga yang belum. Ciri-cirinya ada 3 yaitu :
  1. Sempurna Umur 15 Tahun bagi laki-laki dan perempuan
  2. Pernah mimpi jima'(bersetubuh) baik laki-laki atau perempuan pada usia 9 tahun
  3. Sudah Haid bagi perempuan usia 9 tahun.
Demikin yang dapat saya tulis semoga bermanfaat. 
Dikutip dari kitab safinatunnaja.

Rabu, 04 April 2012

Riwayat Syeh Nawawi Al-Bantani


Syeikh Nawawi Al-Bantani nu kasohor disebat Sayyidu Ulama Hijaz
 (Pamingpin Ulama di daerah Hijaz (Saudi Arabia) nyaeta urang Indonesia
 nu lahir di Banten sareng turunan ti Maharaja Tatar Sunda Prabu Siliwangi.
 Anjeuna seueur nyeepkeun waktosna kanggo ngajar
 sareng ngarang kitab dina widang tafsir, hadits, nahu, sharaf jst

Ampir sadaya ulama Indonesia murid anjeuna malihan aya murid-muridna nu janten tokoh Nasional. Sanawis janten guru kanggo ulama Indonesia anjeuna oge guru kanggo ulama di Singapura, Malaysia, Fatani (Thaland), jazirah Arab, jst Kitab-kitab karangan anjeuna dugi ka ayeuna seueur janten bahan literature pengajian ku Lembaga Pendidikan Islam di nagara sanes, contona di Universitas Al Azhar Kairo Mesir.

Syech Nawawi Al-Bantani diwedalkeun dina taun 1813 M atanapi taun 1230 H di desa Tanara Kacamatan Tirtayasa, Serang, Banten, anjeuna turunan ti Sultan Maulana Hasanudin ti Syarif Hidayatullah ti Rara Santang ti Prabu Siliwangi.

Dina yuswa anom keneh anjeuna guguru ka KH Shal Banten sareng KH Yusuf Purwakarta lajeng dina yuswa 15 taun anjeuna neraskeun nyiar elmuna ka Mekah Al Mukarommah sareng di ajar ka ulama sohor jaman harita sapertos Syech Sayyid Ahmad Nahrawi, Syech Ahmad Dimyati, Syech Ahmad Zaeni Dahlan, Sayyid Muhammad Hambal Al Hambali, Syech Khatib Sambas, Syech Abdul Ghani Bima, Syech Yusuf Sambulawani. Saparantos 3 taun anjeuna mulih deui ka Tanara saparantos apal Al Qur'an sareng elmu sanesna sapertos mantic, kalam, hadits, jsb.

Anjeuna linggih di kampungna teu lami lajeng dina taun 1830 mulih deui ka Mekkah Dina taun 1870 anjeuna janten anjeuna ngawulang di masjidil haram seueur murid-muridna nu dongkap ti Indonesia Murid-murid Syech Nawawi

KH Kholil Bangkalan Madura, ulama ageng nu gaduh pangaruh di jawa Timur sareng nu ngalahirkeun ulama-ulama besar KH Hasyim As' ari (Pendiri NU, akina Gus Dur), anjeuna nu ngadirikeun pasantren Tebu Ireng di Jawa Timur, sareng Pahlawan Nasional.

KH Asnawi Kudus Jawa Tengah, anjeuna ulama panutan nu pangaruhna sa pulo Jawa sareng ngalahirkeun ulama-ulama ageung. KH Asnawi Caringin Labuan Banten, ulama nu dugi ka ayeuna makamna sok dijarahan ku sakurna jalami ti mana-mana. KH Tb Bakri Sempur Purwakarta, anjeuna sohor disebat Ajengan Sempur nu santri-santrina seueur janten ulama besar di Jawa Barat KH Dawud Perak, Kuala Lumpur, Malaysia, ulama sohor di Kuala Lumpur Malaysia. Kitab-Kitab karangan Syech Nawawi Al-Bantani seueurna 115 kitab sadayana disusun nganngo bahasa Arab fushah hal ieu anu nunjukeun yen anjeuna mahir pisan dina bahasa Arab, ulama Timur Tengah nyalira salut dina karangan kitab-na nu nganggu bahasa Arab nu sae (fushah), anapon kitab-kitab nu dikarangna nyaeta Marah Labid (Tafsir Munir), Nihayatuzen, At_tauseh, As Simarul Yaniah, Tanqihul Qaul, Nurudh dhalam, Fathul Majid, jrrd.

Syech Nawawi Al Bantani pupus dina kaping 25 syawal 1314 /1897 M ditempat perkampungan Syech Ali Al Mukarammah Saudi Arabia dina yuswa 84 taun, anjeuna dimakamkeun di pemakaman Ma'la caket makam Siti Asmah puteri Abu Bakar Shidiq sareng ulama ageing Syech Ibnu Hajar dugi ayeuna makam anjeuna dijarahan para jamaah ti Indonesia, Singapura, Thaland, jrr.http://id.shvoong.com/books/biography/1973680-karya-karya-syeikh-nawawi-al/